dcsimg

Kutu ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kutu nyaéta insékta parasit nu teu boga jangjang nu nyedot getih sasatoan atawa manusa (saperti hayam,jeung anjing).[1] Keur manusa, kutu mangrupa insékta parasit leutik nu bisa ngeusian sirah jeung awak, kaasup daerah intim.[2] Kutu manusa hirup ku cara nyedot getih manusa. Kutu nujul kana sagala rupa artropoda leutik nepika leutik pisan.[2] Ngaran ieu digunakeun pikeun sababaraha crustacea cai leutik (saperti kutu cai), insékta (saperti kutu sirah jeung kutu daun), sarta rupa-rupa anggota Acarina (tumila jeung caplak, nu leuwih raket patalina jeung lancah daripada insékta). Sagala nu disebut "kutu" alatan ukuranana leutik. Ku kituna, harti awam istilah ieu teu boga harti taksonomi.[3]

Rupa-rupa kutu

Tilu jinis kutu nu cicing dina manusa nyaéta:[2]

  1. Pedicles humanus capitis (kutu sirah, kutu rambut)[2]
  2. Pedicles humanus corporis (kutu awak, kutu pakéan)[2]
  3. Ptirus pubis (kutu "keuyeup", kutu alat kelamin).[2]

Di handap ieu aya sababaraha kelompok sato nu ngagunakeun ngaran kutu:[3]

Rujukan

  1. (id)Kutu (diakses 9 Juli 2015)
  2. a b c d e f (id)Pengertian Kutu (diakses 9 Juli 2015)
  3. a b c d e f (id)Informasi Kutu (diakses 9 Juli 2015)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Kutu: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kutu nyaéta insékta parasit nu teu boga jangjang nu nyedot getih sasatoan atawa manusa (saperti hayam,jeung anjing). Keur manusa, kutu mangrupa insékta parasit leutik nu bisa ngeusian sirah jeung awak, kaasup daerah intim. Kutu manusa hirup ku cara nyedot getih manusa. Kutu nujul kana sagala rupa artropoda leutik nepika leutik pisan. Ngaran ieu digunakeun pikeun sababaraha crustacea cai leutik (saperti kutu cai), insékta (saperti kutu sirah jeung kutu daun), sarta rupa-rupa anggota Acarina (tumila jeung caplak, nu leuwih raket patalina jeung lancah daripada insékta). Sagala nu disebut "kutu" alatan ukuranana leutik. Ku kituna, harti awam istilah ieu teu boga harti taksonomi.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia