dcsimg

Guramé ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Gurame nyaéta ngaran jenis lauk cai anu biasa didahar ku manusa.[1] Wangun awakna gepéng tur rubak.[1] Tonggongna aya warna beureuman sedengkeun dina beuteungna hawuk semu koneng.[1] Lauk kaasup kana kulawarga Anabantidae, turunan Helostoma sarta bangsa Labyrinthici.[1] Lauk guramé asalna ti tatar Sunda (Jawa Barat, Indonésia), tuluy sumebar ka Malaysia, Thailand, Ceylon sarta Australia.[1] Lauk guramé rada lila gedéna dibandingkeun lauk cai nu séjén.[1] Wewengkon di Indonésia anu jadi puseur pamijahan guramé nyaéta: Sumatera, NTB jeung Jawa.[1] Sedengkeun di luar nagari nyaéta: Thailand, Jepang jeung Filipina.[1]

Jenis lauk guramé anu dipikawanoh ku masarakat dumasar kana wangunna aya dua nyaéta guramé soang jeung guramé Jepang.[2] Guramé soang awakna rada manjang, sisitna ogé rubak, panjangna bisa nepi ka 65 cm, sedengkeun beuratna bisa nepi ka 8 kilo.[2] Guramé Jepang awakna rada pondok, sisitna ogé laleutik panjangna gé ngan ukur nepi ka 45 cm, beuratna kurang ti 4,5 kilo.[2] Lamun ditilik tina warnana, aya tilu rupa guramé, nyaéta guramé hideung, bodas sarta belang.[2]

Referensi

  1. a b c d e f g h Gurame (id) (Diakses ping 3 November 2011)
  2. a b c d Budidaya Ikan Gurame (id) (Diakses ping 3 November 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Guramé: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Gurame nyaéta ngaran jenis lauk cai anu biasa didahar ku manusa. Wangun awakna gepéng tur rubak. Tonggongna aya warna beureuman sedengkeun dina beuteungna hawuk semu koneng. Lauk kaasup kana kulawarga Anabantidae, turunan Helostoma sarta bangsa Labyrinthici. Lauk guramé asalna ti tatar Sunda (Jawa Barat, Indonésia), tuluy sumebar ka Malaysia, Thailand, Ceylon sarta Australia. Lauk guramé rada lila gedéna dibandingkeun lauk cai nu séjén. Wewengkon di Indonésia anu jadi puseur pamijahan guramé nyaéta: Sumatera, NTB jeung Jawa. Sedengkeun di luar nagari nyaéta: Thailand, Jepang jeung Filipina.

Jenis lauk guramé anu dipikawanoh ku masarakat dumasar kana wangunna aya dua nyaéta guramé soang jeung guramé Jepang. Guramé soang awakna rada manjang, sisitna ogé rubak, panjangna bisa nepi ka 65 cm, sedengkeun beuratna bisa nepi ka 8 kilo. Guramé Jepang awakna rada pondok, sisitna ogé laleutik panjangna gé ngan ukur nepi ka 45 cm, beuratna kurang ti 4,5 kilo. Lamun ditilik tina warnana, aya tilu rupa guramé, nyaéta guramé hideung, bodas sarta belang.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia