Caladi batu (Meiglyptes tristis) nyaéta spesies manuk nu asalna tina kulawarga Picidae.[2] Loba kapanggih hirup di pulo Kalimantan, Sumatra jeung pulo Jawa utamana Jawa Barat.[3][4] Mikaresep ulin di daérah tegalan, sisi leuweung, jeung sisi basisir, hirup susulumputan dina dahan-dahan tangkal nu leutik.[4][5] Manuk caladi batu mah tara hirup abring-abringan/ngabubuhan, tapi sok nyorangan baé mun henteu bareng jeung pasanganna.[3]
Mangsa datang usum begér jeung anakan, manuk caladi sok remen katempo ngaliang dina tangkal pikeun nunda endog jeung ngagedekeun anak-anakna.[6] Nyiar hakaneun dina tangkal nu luhur teu rsepeun ulin dina tangkal nu pendek, karesepna sabangsaning sireum.[3] Kiwari manuk ieu geus méh tumpur, alatan tangkal-tangkal tempat hirupna geus loba nu ditaluaran pikeun rupa-rupa kabutuhan jeung karuksakan lingkungan séjéna.[3]
Caladi batu (Meiglyptes tristis) nyaéta spesies manuk nu asalna tina kulawarga Picidae. Loba kapanggih hirup di pulo Kalimantan, Sumatra jeung pulo Jawa utamana Jawa Barat. Mikaresep ulin di daérah tegalan, sisi leuweung, jeung sisi basisir, hirup susulumputan dina dahan-dahan tangkal nu leutik. Manuk caladi batu mah tara hirup abring-abringan/ngabubuhan, tapi sok nyorangan baé mun henteu bareng jeung pasanganna.
Mangsa datang usum begér jeung anakan, manuk caladi sok remen katempo ngaliang dina tangkal pikeun nunda endog jeung ngagedekeun anak-anakna. Nyiar hakaneun dina tangkal nu luhur teu rsepeun ulin dina tangkal nu pendek, karesepna sabangsaning sireum. Kiwari manuk ieu geus méh tumpur, alatan tangkal-tangkal tempat hirupna geus loba nu ditaluaran pikeun rupa-rupa kabutuhan jeung karuksakan lingkungan séjéna.