Manjah nyaéta jukut jangkung katempo saliwat mah kawas tangkal kaso[4][5] (Themeda gigantéa) , tina kulawarga padi-padian. Hirupna nyebar loba pisan di wewengkon Indocina, Nusantara, nepikeun ka Pasifik. Manjah ogé mibanda ngaran anu béda umpamana waé: urang minangkabau nyebut majah téh pimpiĕng; di tatar Sunda katelah manjah, manjarakan, aya ogé anu nyebut manyah (basa Sunda); dina basa Jawa disebut glagah arjuna, sisrèn; urang madura nyebutna cĕcĕrĕn; antalasa, beurong-beurong (Mak.); wéli hisa, wéri hisa (Amb.).[6] Dina basa Inggris ieu jukut disebut ulla aya ogé anu nyebut kangaroo grass.[7]
Tangkal manjah hirupna nahun. Ngumpul mangrupa dapuran atawa ngarungkun, tangkalna kuat tur jocong ka luhur, jangkungna 1,50–4 Méter;[8] Tangkalna déwasa ukurana sagedé jempol suku wanguna bubukuan kawas tangkal awi.[9] tangkal manjah anu masih kénéh ngora unggal buku mibanda bulu-bulu anu lemes tapi di mana geus kolot mah sakapeung bulistir leungit buluna, daunna heuras kawas tiwu tur baruluan; tungtungna mencos tur seukeut; l.[8] Daun ngaronyok dihandap kawas kipas [9] Unggal lambar daun mibanda, panjang 0.30–1 Méter; beulah sisi daunna sareukeut.[8]
Kembang ngumpul ngaranggeuy dina gagang anu bijil dina tungtung tangkal anu geus manjing déwasa .[8] cupat kembang Spikelet (kembang jukut), ngumpul dina sagagang aya kana tilu [8][9]
Manjah loba pisan kapanggih di Asia tropis nepikeun ka Pasifik[8]: Burma, Indocina, wewengkon Malesia, Filipina, Nugini, Solomon, Bismarck, Vanuatu, Kaledonia Baru, jeung pulo-pulo di Pasifik kulon.[10]
Di Indonesia, ieu jukut nyebar anu kacida loba pohara lobana ti mimiti Sumatra, Kalimantan, Jawa, Ambon, Seram, nepika Timor. ti mimiti lengkob nepi ka pasir anu luhur 1.450 m dpl; sisi susukan,lamping jeung jungkrang, sisi jalan, tegalan jeung tempat negrak séjéna malah dapuran tangkalna nepikeun ka ngababadeg.[6]
Heyne Sanajan ieu jukut kurang dipikaresep ku ingon-ingon; Tangkal manjah bisa ogé dipaké ubar panas tiris, nyieun kandang manuk, bahan pikeun karajinan jeung sajabana.[6] Lamun seug diolah leuwih jauh jeung ukuran gedé bisa waé ieu jukut jadi bahan pikeun nyieun kertas.[11]
Manjah nyaéta jukut jangkung katempo saliwat mah kawas tangkal kaso (Themeda gigantéa) , tina kulawarga padi-padian. Hirupna nyebar loba pisan di wewengkon Indocina, Nusantara, nepikeun ka Pasifik. Manjah ogé mibanda ngaran anu béda umpamana waé: urang minangkabau nyebut majah téh pimpiĕng; di tatar Sunda katelah manjah, manjarakan, aya ogé anu nyebut manyah (basa Sunda); dina basa Jawa disebut glagah arjuna, sisrèn; urang madura nyebutna cĕcĕrĕn; antalasa, beurong-beurong (Mak.); wéli hisa, wéri hisa (Amb.). Dina basa Inggris ieu jukut disebut ulla aya ogé anu nyebut kangaroo grass.