dcsimg

Tiwu ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Tiwu sabangsa manjah sagedé kaso.[1] Tiwu anu bahasa Inggrisna sugar cane nyaéta tutuwuhan anu dipelakna pikeun bahan baku gula jeung vetsin.[2] Tiwu kaasup tutuwuhan anu rumput-rumputan (Graminae).[2] Tiwu miboga ukuran anu lumayan rada gedé, jangkungna sakitar 2 nepi ka 4 méter.[2]

Mangpaat Tiwu

Salain pikeun bahan dasar gula bodas tiwu ogé miboga mangpaat séjéna saperti pikeun ubar tradisional.[3] Anu dipaké pikeun ubar biasana akar jeung watangna anu amis.[3] Tiwu nu dipaké ubar ilaharna tiwu hideung.[3] Tiwu bisa jadi ubar pikeun panyakit jantung, carana keueum tilu akar tiwu hideung.[3] Akar tiwu dikumbah tuluy dikulub ku dua gelas cai nepi ka ngagolak jeung nepi ka jadi sagelaseun.[3] Cai ieu di inum dua kali sapoé.[3] Sedengkeun pikeun ubar panas, siapkeun watang tiwu hideung sacukupna.[3] Tuluy diperes nepi ka arah caina.[3] Cai tiwu téh diinumkeun ka nu gering panas.[3] Salain ti éta tiwu ogé bisa jadi ubar pikeun batuk, carana siapkeun 3-5 buku tiwu hideung, tuluy dibeuleum éta tiwu téh sanggeus kitu diperes nepi ka ngaluarkeun cai, tuluy inumkeun éta caina.[3]

Kandungan Kimia

Watang tiwu miboga kandungan cai gula anu kadarna nepi ka 20%.[2]

catetan

  1. Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d Manfaat Tebu Bagi Kesehatan GiGI Manusia (Dicutat tanggal 4 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h i j Sari Tebu Asli, Tawarkan Beragam Khasiat dan Manfaat (Dicutat tanggal 4 Oktober 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Tiwu: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Tiwu sabangsa manjah sagedé kaso. Tiwu anu bahasa Inggrisna sugar cane nyaéta tutuwuhan anu dipelakna pikeun bahan baku gula jeung vetsin. Tiwu kaasup tutuwuhan anu rumput-rumputan (Graminae). Tiwu miboga ukuran anu lumayan rada gedé, jangkungna sakitar 2 nepi ka 4 méter.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia