dcsimg

Panthera ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages
Pikeun kagunaan séjén tina Panthera, tempo Panthera (disambiguasi).

Panthera nyaéta hiji marga ti famili Felidae (ucing).

Klasifikasi

Panthera mangrupa genus badag, Ucing liar ti kulawarga mamalia (Felidae) jeung kaasup di dinya opat spesiés nu loba dipikawanoh, nyaéta singa (Panthera leo), maung (Panthera tigris), jaguar (Panthera onca), jeung méong totol (panthera pardus).[2] Kaaopatna mangrupa spésiés ucing anu masih kénéh dianggap unik dina meunangkeun parobahan anatomi, ngamungkinkeun maranéhna pikeun ngagaung.[2] Singa guha mangrupa salah sahiji conto nu geus punah tina génus ieu.[2] Genus panthera minuhan kurang leuwih satengah tina tujuh spesies nu masih aya dina subfamili pantherinae (dipikawanoh salaku ucing badag), spésiés laina biasana tina marga Néofalis atawa Uncia, sanajan taksonomi geus terus-terusan mekar.[2] Ngaran panther kadang-kadang dipaké pikeun ngarujuk koléktif kana subfamili ieu.[2] Geus loba debat jeung revisi ngeunaan taksonomi panthera, sarta Felidae umumna, éta mangrupa salah sahiji usaha pikeun ngatur kelompok taksonomi nurutkeun garis katurunan sakabéhna.[2] Morfologi, kalakuan, jeung studi genetik geus dilakonan ku manusa pikeun ngabédakeun mana kelompok alam anu masih kénéh patali, didasarkeun kana katurunan umum.[2] Dina sababaraha taksonomi, maung totol salju masih kénéh kaasup kana genus panthera.[2] Salila abad ka-19 jeung ka-20, rupa-rupa penjelajah jeung staff muséum sajarah alam geus nyarankeun loba subspésiés, harita disebut salaku ras, pikeun sagala jenis panthera.

Rujukan

  1. Citakan:MSW3 Wozencraft
  2. a b c d e f g h (en)Klasifikasi panthera diakses 4 Agustus 2015
  • A. Turner: The big cats and their fossil relatives. Columbia University Press, 1997.ISBN 0-231-10229-1
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Panthera: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages
Pikeun kagunaan séjén tina Panthera, tempo Panthera (disambiguasi).

Panthera nyaéta hiji marga ti famili Felidae (ucing).

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia