Cakcak nyaéta kadal anggota famili Gekkonidae, ukuranna kawilang leutik-sedeng, hirup di wewengkon iklim haneut di sakuliah dunya. Teu ilahar jeung bangsa kadal lianna, cakcak mah sok disada dina interaksi jeung cakcak lianna. Kaistiméwaan lianna nyaéta kamampuhna pikeun napak dina bahan vértikal nu lemes. Di wewengkon iklim haneut mah cakcak téh dalit pisan dina kahirupan manusa sapopoé, sabab sok aya di lingkungan jero paimahan, komo ku sipatna nu sok ngahakan serangga nu sok ngaganggu (misalna reungit).
Aya sababaraha spésiés cakcak nu parténogenik, bikangna bisa endogan tanpa kudu jalangan jeung jalu.
Dina kaélmuan, nu jadi béntangna téh nyaéta dampal sukuna, sabab bisa napel kana rupa-rupa bahan tanpa maké cairan atawa tegangan beungeut cai.